(org sunda pasti ngerti)
mR VinZ: ea
gilang ginardi: naha sia can ka edd ku urg nya ?
mR VinZ: ==a
mR VinZ: ai di urang mah geus
gilang ginardi: hahaha
gilang ginardi: teuing ah
gilang ginardi: bae weh
gilang ginardi: ke deui
mR VinZ: lieur
mR VinZ: urang geus katarima eung di UNPAD s1 na…. ke urang moal didieu deui
gilang ginardi: dimana eung ?
gilang ginardi: nagor ?
gilang ginardi: nangor*
mR VinZ: heeuh
gilang ginardi: njiir aing hayang diditu teh euy
gilang ginardi: urg ktarima UPI pend.bhs sunda
mR VinZ: weis….. erek jadi guru ente? keren eung…. ke weh testing deui ka UNPAD….. sugan katarima
mR VinZ: di antos ku aa ktu
gilang ginardi: muhun
gilang ginardi: hahahaha
mR VinZ: jigana eweuh nu wawuh euy didituna
mR VinZ: urang ngekos deui
gilang ginardi: bae lah.. deukeutan weh tukang warteg
gilang ginardi: jadikeun sobat
gilang ginardi: sugan dina maneh cekak
gilang ginardi: dibere dahar
gilang ginardi: hahaha
mR VinZ: ==a leheung nu tukang wartegna awewe geulis mah bae
mR VinZ: bahagia urang
mR VinZ: dibere jengkol ge bae
gilang ginardi: goblooon.. emang maneh mun lapar rek nempokeun awewe geulis ?
gilang ginardi: kuatan
gilang ginardi: aing mah buru2 dahar
mR VinZ: jigana mun ningali awewe geulis mah wareg euy
gilang ginardi: hanteu aing mah !
gilang ginardi: angger weh ku sangu
gilang ginardi: hahaha
mR VinZ: ahahaha lain ku sangu ai maneh ku duit wareg tah
gilang ginardi: nya henteu
gilang ginardi: ayeuna maneh cicing di planet mars
gilang ginardi: boga duit sa planet ge ai teu manggih sangu mah moal wareg
mR VinZ: ah mikir weh manya di planet mars aya warteg? ==a
gilang ginardi: kan urg teh keur ngobrolkeun sangu ayeuna mah.. lain warteg
mR VinZ: heeh da sangu teh laina teu make duit?
gilang ginardi: make beas ai maneh
gilang ginardi: hahaha
mR VinZ: heeh ai beas teu make duit? tuntungna mah duit deui euy….
gilang ginardi: nya henteu atuhhh !!
gilang ginardi: beas mah make pare
mR VinZ: ngieun pare teh kudu aya petani…petani gawe keur naon? keur duit
gilang ginardi: duit eta jang naon cik ?
gilang ginardi: hayang nanya heula urg mah
mR VinZ: nya jang meuli nanaon ge aya lah
gilang ginardi: meuli beas teu petani na ?
mR VinZ: enya lah ….. ayeuna urang nanya…. aya beas moal mun eweuh duit?dimodalan ku saha tah?
gilang ginardi: ke ke
gilang ginardi: kalem..
gilang ginardi: piraku petani meuli beas ?
gilang ginardi: nya gratis atuh petani mah
gilang ginardi: pasti dibere beas mah ku nu boga sawah ge
mR VinZ: tah ayeuna urang nanya….. ai gaji petani leutik kunaon?
gilang ginardi: ku beas
gilang ginardi: coba mun jadi direktur bank
gilang ginardi: kan beunghar
gilang ginardi: teu ngagugu pare jeung beas terus
mR VinZ: tah beunghar teh kunaon? ku duit pan….ayeuna mah rek cinta ge bisa dibeli man
gilang ginardi: hnteu bisa
gilang ginardi: matak miskin ge kan beas mah da euweuh duitan
gilang ginardi: karek mahal teh mun asup grosir
gilang ginardi: heup!
gilang ginardi: tong ngobrolkeun cinta!
gilang ginardi: fokus : SANGU !
mR VinZ: kieu weh nya…..gajih petani ku beas nya?nu matak leutik gaji petani teh pedah di gantian ku beas…. matak na beas aya hargaan … tah beas kunaon aya hargaan? da aya duit
gilang ginardi: salah
gilang ginardi: kunaon beas aya hargaan ?
gilang ginardi: ku sabab lapar
gilang ginardi: mun teu dahar.. gering
gilang ginardi: gizi buruk.. opname
gilang ginardi: modar weh
mR VinZ: tah kunaon sabab gizi buruk? lantaran eweuh beas da teu bisa meuli…. kunaon tah? ku duit….
gilang ginardi: kan urg mah ngobrolkeun nu gizi burukna petani
gilang ginardi: petani na belegug weh embung dibere beas
mR VinZ: naha belegug? pan diganti ku duit…. bisa meuli beas
gilang ginardi: nya kan petani ! kunaon petani kudu meuli beas deui ? lainna sapopoe gawe jeung beas dan pare..
mR VinZ: kan ceuk maneh petani na belegug….. nya kunaon atuh diganti ku beas?manya kudu maling ka nu boga sawah?
gilang ginardi: kan maneh nu ngomong petani meuli beas
gilang ginardi: brati maneh scar tersirat ngagambarkeun petani na belegug
gilang ginardi: pan nu ngaran petani mah gawe na jeung beas
gilang ginardi: lain jeung duit
gilang ginardi: mun kitu teller bank
mR VinZ: tah naha petani gawe?daek mbung petani ngan ungkur digaji ku beas?eweuh kabutuhan laen?urang mah teu ngomong keun bank…. kabutuhan petani nu nyangkut paut jeung beas
gilang ginardi: nya butuh ari meuli nu lain2 mah.. tapi kan urang ngobrolna WAREG ! ceuk maneh lain ku sangu wareg mah.. tapi ku duit .. SALAH.. wareg mah ku sangu.. ayeuna angger weh petani meuli pacul, sabun, sampo, daging hayam, tuluy didahar.. matak gering.. moal matak wareg kan?
gilang ginardi: jadi intina mah wareg lain ku duit
gilang ginardi: tapi SANGU
gilang ginardi: hahahaha
mR VinZ: bah ceuk maneh intina sangu? nya awalna mah ku duit atuh?bisa wareg ku duit ge tah
gilang ginardi: ku sangu keukeuh aing mah.. ayeuna aya nu gelo misalna keur bokek yeuh.. terus lapar.. manggih sangu jeung duit..
gilang ginardi: pasti dahar sangu da !
gilang ginardi: ku sabab naon ?
gilang ginardi: naluri ! aing lapar
gilang ginardi: lain rek neangan duit
mR VinZ: ah urang mah hayang manggih duit weh…. da ku duit ge bisa meuli sangu…jaba bisa nu lain….teu sangu hungkul
mR VinZ: barinage urang mah teu gelo
gilang ginardi: ayeuna urg hadepkeun dina posisi sulit
gilang ginardi: maneh yeuh
gilang ginardi: lapar
gilang ginardi: mawa duit 2 koper
gilang ginardi: tapi keur nyasab di gurun
gilang ginardi: 2 minggu tah maneh nyasab
gilang ginardi: eta koper di cecekel keneh
gilang ginardi: tapi maneh teu dahar sangu
gilang ginardi: modar vin
gilang ginardi: meuli sangu dimana?
gilang ginardi: maenya weh di gurun aya
mR VinZ: mikir na logis gil,manya urang nyasab di gurun mamawa koper,boga duit tah pan?erek perjalanan ge kudu meuli sangu atawa nu laen pan?barinage manya aya sangu di padang pasir?moal manggih man….. so mun di posisikeun di padang pasir mah moal logis….
gilang ginardi: enya kan ayeuna ku urg di posisikeun keur sulit
gilang ginardi: tapi maneh keur mamawa nu kumaneh disebut nyieun wareg
gilang ginardi: mikir ngeunah mah atuh rek boga ring basket ge nya angger weh wareg..
gilang ginardi: da cigana teh ring basketna tina makroni
mR VinZ: dina posisi sulit na ge urang mah moal nepi kasasar ka padang pasir gil…..kunaon urang bisa mkir?da tina pelajaran jeung pangalaman…tah kumaha tah meunang pangalaman?make duit gil…jeung barinage mun rea duit mah logis wae ngieun ring basket tina makroni ge…. sok mun eweuh duit bisa teu ngieun mobil tina beas?
gilang ginardi: ieu mah dasar nu garelo weh keur debat heueuh
gilang ginardi: maenya weh ring basket tina makroni
gilang ginardi: aing pan keur ngobrolkeun wareg..
gilang ginardi: lain gurun pasir ih
gilang ginardi: haha
mR VinZ:   maneh tadi ngomong kana padang pasir gil,jdi kamana” duit mah nyambung…. logic man,eweuh duit moal wareg….
gilang ginardi: euweuh sangu moal wareg mah
mR VinZ: heeuh da urang pan geus ngomong tadi moal aya sangu atawa beas atawa pare mun eweuh duit jadi Intina mah ewewuh duit moal wareg
gilang ginardi: ayeuna maneh boga duit lah ! lapar heueh .. trus dibeulikeun sangu yeuh ! ku maneh di dahar weh si sangu teh.. maneh wareg pan ? naon tah nu nyieun wareg ?
gilang ginardi:  
mR VinZ: heeuh tah urang kan boga duit? urang wareg ku sangu lantaran aya duit pan?
gilang ginardi: nya lain ih
gilang ginardi: ayeuna maneh wareg soalna dahar naoon?
gilang ginardi: mun urang nanya proses maneh meuli sangu kakara duit jawabanna
mR VinZ: pan judulna “WAREG”Jeung “SANGU” naha lantaran aya sangu teh kunaon? da aya duit pan….jadi ku duit ge kabeh mah bisa kabeuli neupi wareg neupika modar ge
gilang ginardi: lain sataaaaaaaaann
gilang ginardi: maneh wareg ku naonn ?
mR VinZ: ayeuna urang nanya ai sangu aya proses te?
mR VinZ: da aya
gilang ginardi: heueuh eta mah jelas duit ari rek ngayakeun sangu mah
gilang ginardi: aing mah nanya wareg maneh ku naoon ?
gilang ginardi: astapiluloaladiiim
mR VinZ: heeuh ceuk urang mah ku duit
gilang ginardi: dasar beunghar
gilang ginardi: dahar na duit
gilang ginardi: jeung sambel
gilang ginardi: peuteuy
gilang ginardi: sarupanig asin mah
gilang ginardi: ckckck
gilang ginardi: kacipta
mR VinZ: urang mah sabeunghar” na ge moal ku duit dahar mah ku sangu…. ngan pastina ge wareg ku duit
gilang ginardi: teu bisa kituu
gilang ginardi: wareg na ku naon ih ?
gilang ginardi: heran aing mah
mR VinZ: bejaan dahar na ku sangu… ngan urang mah wareg ku duit….
gilang ginardi: ah hese euy
gilang ginardi: debat jeung nu di butakan kebahagiaan duniawi mah
mR VinZ:  urang mah mikir realistik gil…..
gilang ginardi: lain soal REAL
gilang ginardi: wareg sia ku naon ?
gilang ginardi: wareg teh pan beuteung yeuh ?
gilang ginardi: ku naon ?
mR VinZ: heeh ku duit lantaran bisa meuli sangu meh bisa di dahar….
gilang ginardi: anjirr ih
gilang ginardi: ayeuna mun maneh teu boga duit ge ari aya sangu mah pan bisa wareg
gilang ginardi: heup ! aing apal jawaban maneh naon
gilang ginardi: lain soal meuli ssanguna
gilang ginardi: ieu mah ngubaran lapar na
mR VinZ: mikir wehh…. tina ayana sangu moal jugjug aya pan
mR VinZ: dibere lantaran aya duit
mR VinZ: baturna
mR VinZ: moal turun kana tarang lantaran berdoa…da aya proses mereun
gilang ginardi: aduh ya allohh.. kumaha nya urg ngomongna
gilang ginardi: aduhhhh
mR VinZ: rek kumaha” ge da tungtungna mah duit gil
gilang ginardi: tuh maneh mah ngomongkeun tungtungna
gilang ginardi: aing mah teu ngabahas tungtungna
gilang ginardi: waregna
mR VinZ: nya wareg teh pan pedah kunaon? nya ceuk urang mah da ku duit
gilang ginardi: urang mah lain wareg pedah kunaon ih
mR VinZ: ai maneh tatadi nanya naon? “ai maneh wareg kunaon vin?” laina kitu?
gilang ginardi: heueuh
mR VinZ: heeh ceuk urang mah ku duit
gilang ginardi: enya lah
mR VinZ: daharna make sangu
gilang ginardi: heuh kitu !
mR VinZ: ahahahahahahaahahaha
gilang ginardi: ai maneh wareg ku nyekelan duit ataw dahar sangu ?
mR VinZ: aing teu kuat jrit….
mR VinZ: nyeukelan duit… da pedah duit aing bisa meuli dahareun jang meuli sangu
gilang ginardi: goblog ceuk maneh sorangan daharna make sangu..
gilang ginardi: ari ubar lapar naon ? DAHAR
gilang ginardi: lain ccukal cekel
mR VinZ: titatadi maneh nanyakeun “WAREG”
mR VinZ: nya urang mah wareg ku duit lantaran bisa meuli sangu
gilang ginardi: heueuh
gilang ginardi: heueuh aing nanyakeun
gilang ginardi: VIN MANEH WAREG KUNAON?
gilang ginardi: lain
gilang ginardi: VIN MANEH MEULI SANGU KUNAON?
gilang ginardi: lain kitu kan ?
mR VinZ: heeuh bejaan urang mah wareg ku duit
gilang ginardi: anjiss
gilang ginardi: dasar beledu siah
gilang ginardi: embung eleh
mR VinZ: ahahahahahaaha  ngarana ge debat saha nu hayang eleh maneh ge sarua mereun
gilang ginardi: heueuh nya ?
gilang ginardi: na atuh ari maneh..
gilang ginardi: ujug ujug debat
mR VinZ: maneh nu mimitian sia gelo!!!!
gilang ginardi: oh urang
mR VinZ: ==a
gilang ginardi: ai sugan teh maneh ey
mR VinZ: bae rame
mR VinZ: calakakan urang teu kuat neupi ka cireumbay
gilang ginardi: sarua ajag !
gilang ginardi: indung aing geus sare ge hudang deui
mR VinZ: nya eta sarua indung urang oge
mR VinZ: sumpah aing teu kuat
mR VinZ: jelema gelo urang” mah
gilang ginardi: hahaha
gilang ginardi: sugan mah euweuh gawe
gilang ginardi: nga debatkeun wareg
gilang ginardi: mun kitu presiden
mR VinZ: heuh euy…. ngan urang ge kudu diajar debat mun geus jadi mahasiswa mah euy….
gilang ginardi: heueuh
gilang ginardi: aya fungsina
gilang ginardi: catet ti luhur keneh vin
gilang ginardi: sugan weh si dosenna oge resep ngadebatkeun wareg
mR VinZ: ahahahahhahahahaha
mR VinZ: seuseurian mereun ningali aing debat jeung maneh
gilang ginardi: hahaha
gilang ginardi: rame anjing
gilang ginardi: ku aing tulis dina blog
mR VinZ: geus ah bawa nyantei oke tong aya urat heeuh…. hampura ah

(gilang dan ervin adalah sepasang sohib dengan kondisi otak waras yang kurang sempurna.. dan seperti itulah jadinya.. sebenernya sih masih banyak.. cuman ini  yang sempet ketulis)

tepuk tangan.